Sabtu, 02 Juni 2012

Carpon Sunda


SEUNEU
Ku  : Yusran Arifin

“Haté mah siga panékér. didelesan ku amarah. Di luareun awak ting burial minyak, anu ngagolak lir walungan caah ngadadak. Lamun urang teu tarapti, mengpetan liang-liang nu balatak na awak urang, cilaka temenan atuh. Haté urang. Awak urang. Bakal hurung. Tur bakal hésé mareumanana.” ceuk Aki, bari nyéréngéh. Beungeut bersih. Bangun tara pisan susah. Tasbé muih dina leungeun. Lir kolécér.
Ah! Ari Aki aya ku  araranéh. Mun ngobrol téh teu weléh maké siloka. Lebeng  kuringmah teu ngarti. Matak kahadé hirup mah, sing iyatna. Ulah sok kumawani ngagecrék-gecrék haté, dina minyak. Ulah sok nyapirakeun perkara leutik. Sok tuluy jadi kabiasaan. Ah, lieur ngabandungan Aki mah. Kuring tuluy sok ngaléos. Lain keuheul. Lain teu ngahargaan. Tapi sok capé  mikirna.
Aya ogé nu nyangkrung. Omongan Aki téh. Kalan-kalan sok ngolébat jeung jirimna dina panon. Beungeut Aki. Biwir Aki. Panon Aki. Tapi lain henteu surti. Kadang prak-prakanana mah leuwih susah. Komo deui kiwari. Hirup nu serba walurat. Remen dijieun talenan, piken ngajurung lampah sakarepna.
Siga kuring.  Remen dipaksa ku kaayaan. Didedetkeun ku kabutuh. Tuluy aral datang. Nguniang mawa pakarang. Niup obor. Nyokél panon. Mengpet ceuli. Tuluy jadi buta-tuli. Sagala dirumpak, duméh sieun kasusul ku batur.
Mun kuring boga, moal kieu carana. Moal maké riweuh ngantri. Nunggu nu ngagero. Bari késang luut-leet. Komo mun nengetkeun kana omongan Aki. Asana téh jajauheun teuing. Kabayang seuneu naraka ngudag-ngudag bari teu bisa mareumanana. Rék pareum kumaha. Lamun teu dipareuman ku sorangan? Rék bisa mareuman kumaha, lamun kaayaan teu méréan? Kunaon atuh, teu narékah  anu séjén? Nyéta, ngan ieu nu kaduga. Ngan ieu nu bisa.
Taun-taun, lalampahan téh asa teu robah. Da mimitina mah, diniatan, lampah kieu téh moal salilana. Ngan ukur dina kaayaan walurat. Hiji waktu mun geus mampu, rék ditinggalkeun. Hiji waktu mun geus boga modal. Rék ganti lampah. Tapi buktina, bet kieu deui, kieu deui. Hiji hal mun geus dimimitian sok hésé nyingkahanana. Sok aya waé, alesan keur ngajurungna. Ceuk Aki, dina bayangan kuring.
Kuring digerokeun ti jero kamar, rohangan Bos! Tara-tara ti sasari haté bet ratug. Padahal lain sakali asup ka rohangan ieu téh. Pan geus ratusan kali. Geus sapuluh taun. Bari lain sorangan. Pan batur salembur ogé ngaleut ngengkeuy sok arasup ka rohangan ieu téh. Komo, poé Sénén mah antrian téh sok tepi ka luar. Tepi kana tempat parkir.
Karasa késang tiis dina dampal leungeung, baseuh. Ari awak mah puguh deui, da hareudang. Hawa Jakarta atuh. Apal meureun?
Basa si Bos ngasongkeun duit, kuring nampanan bari tetempoan rada runyem. Duka kurang saré, duka asup angin. Duanana ogé, bet pantes. Ti lembur ka pasar téh, aya kana genep jamna. Bari peuting. Kuring ngejatkeun leungeun, basa tina duit aya seueneu nu ngolébat.
“Seuneu!” ceuk kuring, bari angen ratug.
Si Bos nyeuserikeun. Anu ngantri milu seuri. Disangkana kuring kasundut ku roko si Bos. Sanggeus sadar, kuring mésem. Rada éra ogé. Dasar keur teu betah awak. Tetempoan ogé araranéh.

Kuring nampanan duit, sabada kuring nuliskeun ngaran jeung tanda-tangan dina tonggong Giro. Duit diitung lalaunan bisi aya anu nyelap, atawa rapet. dalapan belas juta? Leuh, mani dipotong dua juta?
“Masa atuh, ini mani dua juta, Bos? Kan tidak pas dua bulan? Kurang atuh! Enam ratus lagi?”
“Kamu. Kaya pelempuang sajah! Hayyaa. Dasal si Pohang! Kamu kan sudah tau? Dibulatkan. Kita ngitungnya bulan. Bukan paké hali.”
“Kalau sehari mah, tidak apa, Bos! Ini, mah sepuluh hari atuh. Ayo enam ratus lagi!” dasar si Engko. Mun teu butuh mah, najis teuing. Asa peurih kana haté. Bati késang luut-léét, bet dibikeun ka réntenir.
“Hayyyaa. Dasal si léwél. Nih!” ceuk si bos semu keuheul. Bari ngajiwir duit, saratus rébu. Kuring ngaléos bari haté ngabangingik. Sumpah haté mah ceurik. Rék teu kitu kumaha, atuh. Duit dua juta téh lain duit saeutik. Pan éta téh leuleuwihanana? Lebar, mah puguh waé. Tapi da, kumaha? Pan nu garawé barutuheun. Sedeng cadangan duit geus béak. Haben dipaké ngagalang. Maklum pasar keur sepi. Murudul wé Giro. Ampir ti unggal toko langganan kuring. Kabéh Giro. Nu sabulan. Nu dua bulan. Malahan aya nu tilu bulan. Teeeng. Dunya asa muter.
Mun apal pi kieueun, sok asa kaduhung teu nabung. Teu dikumpulkeun duit téh di bank. Ieu mah haben paké balanja nu teu karuhan. Tapi kitu ogé, keun da keur saha deui? Ku pamajikan. Ku budak. Henteu dipaké rucah. Sawaréhna nyangsang dina imah. Dina taneuh, sawah jeung balong. Mobil. Motor.
“Jual heula atuh, nu aya! Ngarah boga modal!” ceuk Aki. Lebar ah! Nu geus pageuh mah keun, wé. Ceuk kuring. Sok kalah ka béak.
“Dari pada duit manéh béak, dibikeunan ka réntenir!”
“Kumaha, da geus kieu  jamanna, Ki!”
“Iiiiih. Manéh mah sok ngalawan waé.”
Ari enggeus kumaha deui, Aki? Pan dunya téh geus robah. Jaman Aki baheula mah, ngareunah. Bayaran téh, duit waé. Ayeuna mah jelema téh, resep pisan nganjuk. Bari tinggal gutret nulis angka jeung tanggal dina keretas salambar. Éta meureun gara-gara aya bank. Coba mun euweuh bank, Giro ogé moal aya. Inget ka Aki. Mun aya kénéh mah, bisa nginjeum ka Aki.
Ongkoh deui, Aki mah geus beunghar turunan. Bari usaha daék. Atuh di kampungna kasebut pang jegudna. Katambah beunghar ti Nini. Puguh wé mun mayar pagawé téh, gampil. Teu kudu ngadagoan bayaran ti dunungan. Langsung wé digalang.
“Saméméh késangna garing, geus kudu dibayar. Méh barokah.” ceuk aki. Kalan-kalan kituna téh bari ngaléngkah ka masjid, rék ngimaman. Pan Aki téh Ajengan. Kokolot kampung. Kuring ogé, kuduna mah, kaluar sakola téh masantrén. Beunghar Aki téh. Tapi budakna loba. Jadi basa Aki maot, warisan téh, loba pisan nu nanggeuyna. Atuh, Bapa kuring ogé teu loba, kabagénana téh.
“Matak kahadé. Manéh mun geus gedé, ulah lalawora! Ulah nyapirakeun kana soal nu leutik. Puguh deui nu gedé mah. Jual beuli sing bener ijab-qabulna. Bisi jadi matak.”
Bororaah bisa kitu, Aki! Kuring mah ngan nganjuk jeung nganjuk wé, ka pagawé téh. Bari jeung cul- léos. Nu ngarana ijab-qabul téh geus jadi barang anéh, Ki. Enya jaman Aki keur aya, keur jumeneng mah, apal pisan. Kuring mindeng ngabandungan. Mun sakalieun ka warung, sok langsung ngageunggeureuhkeun mun aya nu kawénéhan bareng balanja, bari poho kana ijabna. Tapi da lain ka batur. Éta wé ka jamaahna nu sok milu pangajian di Aki.
Haté milu bungah, basa barudak pagawé narima bayaran. Sanajan haté sorangan ceurik. Bet asa kahibur, nempo beungeut barudak nu marahmay. Tuluy buriak muru kahayangna séwang-séwang.
Teu karasa duit téh béak deui, béak deui. Paké babayar. Kitu wé muter. Ari leuwihna lalaunan béak ku si Engko. Geus ratusan kali sigana mah. Geus ratusan juta sigana mah, duit kuring dihakanan ku si Engko. Sakapeung sok aral. Hayang eureun. Tapi teu bisa.
 “Rék bisa eureun kumaha, da teu diniatan.” Ceuk aki bari molotot. Kuring reuwas. Tara-tara ti sasari Aki bet kitu gawé. Pan biasana ogé, sok bari seuri. Sok bari heureuy? Kuring ngahuleng sorangan. Aya naon atuh, Aki siga nu amek pisan?
Ngantri di bank, ceuk saha betah? Masing rék narima duit ogé angger wé, nu ngarana nungguan mah, kasiksa. Komo deui bari nyokot duit, bari tuluy di bayarkeun kana hutang? Ah, sarua wé jeung nyokot duit batur. Ngan pédah nipu panyangka batur, pajar urang loba duit.
“Seuneu!?” ceuk kuring semu ngajerit, bari ditahan. Basa leungeun nampanan duit  ti pagawé bank.
“Kunaon, pa?” ceuk pagawé bank nu mikeun duit, bari molohok. Bakat ku reuwas kuring jadi poho, kana rupana anu geulis. Kuring ngaléos bari mawa kaéra nu ditahan. Asa teu kaharti. Beuki dieu téh, asa beuki remen ngalaman kajadian kitu? Nempo seuneu. Boa-boa gejala siwah, kitu? Amit-amit! Sing ditebihkeun, Gusti!
Geus dua poé Budak nu bungsu gering. Awakna panas. Mun peuting sok norowéco. Sok gunam. Sigana mah, gejala tipes. Teu jauh ti sangkaan, kitu ogé ceuk Mantri Cecep basa Budak di pariksa. Tapi kunaon, geus tilu poé, obat geus rék béak panas Budak can rerep waé? Haté jadi marojéngja. Rempan. Hariwang. Kasieun pacampur dina haté. Boa-boa de be de, kitu? Pédah keur usum. Atuh teu diengkékeun deui, Budak dibawa ka dokter. Dokter nyarankeun supaya dirawat di rumah sakit. Saha jelemana nu bisa ngantep kana kasusah Budak? Pan balangsiar nepi ka paéh-poso kieu ogé, keur Budak. Komo bari Budak siga nu kasiksa pisan alatan panas nu turun-naék. Bari sakapeung sok tepi ka teu éling.
Geus meunang tilu poé dirawat di rumah sakit téh. Tapi hasilna can waé kanyahoan. Geus tilu kali getih disedot pekeun pamariksaan, bari tepi ka kiwari can kanyahoan naon panyakitna. Sakapeung mah, mun bisa sok hayang nalangan kana kanyerina. Komo ari keur disedot getih. Ceurik  gogoakan bari adu-gabrut, buhan leutik kénéh. Tujuh taun. Bari rada ogoan. Bari apét ka kuring. Atuh dina kaayaan kitu mah tambah-tambah beuki meulit, embung ditinggalkeun. Mun bisa, hayang ngagantian kana awakna. Keun wé ku kuring geuring téh, ditalangan.
Ahirna dokter pasrah. Numutkeun hasil pamariksaan nu pamungkas, Budak téh teu nanaon. Alias bebas tina prediksi anu dihariwangkeun ti awalna. Tapi kunaon panasna teu rerep waé? Dokter teu ngajawab. Ngan ukur nyarankeun sangkan di bawa ka kampung. Ngajaran di tarékahan ngaliwatan jalan di luar médis.
Sanggeus meunang saran kitu ti dokter, Budak dibawa ka Ajengan Faqih. Ku Ajengan ngan ukur dibekelan akua, sabotol.
“Lobakeun maca Istigfar!” ceuk Ajengan Faqih.
“Saha? Abdi?” kuring negeskeun.
“Saha deui atuh? Maenya batur mah! Pan Budak ilaing, ieu téh!” Ajengan Faqih ngagelenyu. Kuring miceun beungeut rada éra. Dasar keur geumpeur, ngadadak telmi. Eukeur mah rada bakat kétang, telmi mah. Geus ti kudratna. Tuluy nanyakeun, soal panyakit Budak. Tapi Ajengan Faqih teu ngajelaskeun. Pajar, nu penting mah, cageur. Tong maké hayang apal, cenah.
Satutas shalat Isya, kuring tuluy ngadekul milang tasbé, sakumaha nu ditugaskeun ku Ajengan. Budak di kamar jeung Indungna. Ari Lanceukna nu dua mah, anteng di hareupeun televisi. Karék ogé meunang satengah jam, Istigfar karék meunang kurang-leuwih dua rébu mah. Kadéngé Budak ngajerit. Kuring ngajlok tina sajadah, bari haté asa coplok. Tuluy muru kamar Budak. Kasampak Budak keur kokoséhan. Adu-gabrut. Leungeun ngopépang. Indungna satékah polah, ngarerepkeun. Kuring milu riweuh. Dua Lanceukna norojol ti rohang tamu. Kuring langsung nyekel dua leungeunna. Tuluy ditangkeup bari ditiupan.
“Cai!” ceuk Pamajikan. Kuring nampanan. Budak dibalur tina sirah nepi kana sukuna.
Budak beuki adu-gabrut. Panonna buncelik.
“Kasurupan?!” ceuk Lanceukna, méh bareng duanana.
“Téang Ajengan!” kuring méré paréntah. Teu nunggu dua kali. Nu panggedéna tuluy ngaléos.
Tanaga Budak téh rongkah pisan. Kuring jeung Pamajikan, méh bareng ti pangpéng dibantingkeun. Budak nguniang, tuluy panonna mencrong ka kuring bari pinuh ku amarah.
“Teu benang dipakanyaah, sia mah!” Budak nyentak bari panonna dipolototkeun. Bakat kutatrik molototna, tepikeun ka ngaluarkeun seuneu, mani ngagedur. Budak ngudag kuring. Seuneu nyemprot tina panona. Kuring ngagiwar ka kénca, jeung ka katuhu. Nyingkahan seuneu. Sagala barang nu kahibas seuneu tuluy hurung. Indungna beunang, tuluy hurung. Meja. Dipan. Korsi. Televisi. Visidi. Lomari. Baju. Hélem. Motor. Kabéh pangeusi imah hurung jadi seuneu. Teu nolih nanaon kuring nyalametkeun diri. Budak, Pamajikan, imah kabéh geus jadi seuneu. Kuring ngajlok kana jandéla nu kacana dipeupeuskeun heula. Mun ngudag panto, kuring kaduruk mantén.
Di luar seuneu geus ngabulak. Pepelakan hareupeun imah geus jadi seuneu. Kuring terus nyingkahan. Tapi seuneu téh, terus ngudag. Garasi. Mobil. Sawah. Kabéh imah tatangga jadi seuneu.
Kuring terus lumpat  sateker-kebek nyingkahan seuneu. Ka luar ti pakampungan. Mapay-mapay jalan. Sakapeung sakatincakna. Awak tibabaranting geus teu dirasa. Késang cur-cor sa awak-awak.
Lumpat téh geus jauh pisan. Tapi kuring can manggih panyalindungan. Manggih gunung nu rada jangkung. Kuring ngarandeg. Tuluy malik ka jalan, kana lalampahan nu geus kaliwatan. Seuneu mani umpal-umpalan, beuki rongkah. Taya lahan anu nyésa. Kuring malik  ka walungan. Ngan walungan nu teu jadi seuneu. Tapi tina taneuh nu paeunteun-eunteung, seuneu sili léntab. Kampung kuring geus jadi lautan seuneu. Kota kuring geus jadi lautan seuneu.  Seuneu beuki rongkah, ngaléntaban gunung nu kukuring dipaké reureuh. Kuring lumpat deui néangan gunung nu leuwih jangkung. Nu leuwih luhur jeung gedé. Tuluy lumpat beuki tarik. Kabayang Aki.
“Taah, geuning karasa ayeuna mah, nya?” ceuk hiji sora ti tukangen. Kuring ngarandeg bari rénghap-ranjug. Kuring wawuh kana sorana. Di lieuk, bener wé sangkaan téh. Aki kuring ngalayang dina parahu. Kuring ngagorwok. Tapi sora teu kaluar. Kuring lumpat ngudag parahu. Barang deukeut, kuring ngarontok parahu. Tapi nyamos. Parahu téh siga nu ngagiwar.
“Akii, tulungan kuring! Tulungan, Aki!” kuring haben gogorowokan. Kuring ceurik jejeritan. Aki nyeungseurikeun. Ngangkleung na parahu. Asa kaingetan. Inget ka Nabi Nuh. Inget kana banjir. Inget ka Kan’an, nu bangkolang. Nu teu nurut kana papatah jeung pangajak. Ah! Kuring asa jadi Kan’an.
“Geus moal bisa ayeuna mah. Manéh, ti basa éta ogé geus dibéjaan. Di ajak. Dipaksa. dibetot. Tapi manéh. Weléh teu nurut.”
Enya rumasa, Ki. Kuring téh Kan’an téa meureun. Nu teu  beunang dibejaan. Teu beunang diajakan. Teu nurut.  Tulungan atuh, Ki! Milu kana parahu! Teu kanyahoan leosna. Aki ngiles. Kuring lumpat deui.
Tepi ka puncak hiji gunung nu pang jangkungna, kuring ngalénghoy. Bakat ku capé, awak langsung nambru. Kuring pasrah, mun téa mah seuneu tepi ka dieu. Baé awak géhéng kaduruk ogé. kuring tuluy ngahuleng. Seuneu beuki ngabulak. Tapi weléh teu teupi ka tempat kuring mah. Lalaunan  Kuring nempoan awak, bisi aya anu tatu. Kuring ngagebeg. Bakat reuwas kuring ngacleng gogorémpalan, nyangkéré dina areuy. Karék sadar, manahoréng kuring ogé geus jadi seuneu. Tapi geuning teu karasa panas? Tuluy seuneu ku kuring ditiupan. Lalaunan seuneu téh pareum.
Kuring ngahuleng nenget-nenget kajadian. Lebeng. Poék, teu ngarti. Tuluy ngabandingkeun jeung ieu gunung. Naha gunung ieu mah teu jadi seuneu? Anéh geuning? Kuring mikir, ngotéktak néangan pijawabeun. Tapi weléh, teu kaharti.
Geuning betah di gunung téh. Paingan Ulama baheula loba nu ujlah ka leuweung. Ka gunung. Pantesan da mani tiis pisan. Asa jongjon mun ibadah téh. Jorojoy haté aya niat, tuluy ngabebetah di ieu tempat. 
“Balik! Tempat manéh. Lain di dieu!” ceuk Aki.
“Euweuh piliheun, Ki! Kuring sieun ku seuneu.”
“Balik, manéh! Budak. Pamajikan. Imah. Sawah, kabéh tanggung jawab manéh.”
“Tapi seuneu, Ki!”
“Singkahan ku manéh”
“Carana?”
“Balik deui kana beuteung indung!”
“Pan Ema geus maot!”
“Moal paéh Indung manéh mah. Nu paéhmah akal jeung nurani manéh.”
“Kuring rék cicing di dieu!”
“Balik!” aki nyentak.
“Moal!”
“Balik, siah!” ceuk Aki bari ngagusur awak kuring. Kuring merod. Tapi aki beuki rongkah ngaluarkeun tanagana. Taktak ditarik sateker kebek ku Aki. Nepi ka kuring tijongjolong. Tuluy ngaréngkol dina eurih.
“Kang, gugah! Mani tibra wiridan téh,” ceuk hiji sora, mani halimpu. Karasa aya leungeun anu nyampay dina taktak. Lalaunan panon dibuka. Breh! Beungeut Nining, Pamajikan kuring ngagelenyu. Gabrug! Kuring nyuuh na lahunan Nining, bari ngagukguk, ceurik.

Tasikmalaya, 2011





0 komentar:

Posting Komentar

Template by:

Free Blog Templates