INGGEUNG
Karya : Yusran Arifin
Ramo-ramo nu
hideung téh tepi mantén. Nyusul tepus kana beungeut. Ramo-ramo nu baradag. Anu
panjang. Négro. Awéwé ngan jangkung gedé. Awakna ngagigeug. Ngabangkieung. Duka karéngkas, tah! Duka
ghamisna katincak. Sigana kaéréd. Leungeuna ngopépang. Sagala karawél. Mukena.
Ihrom. Sorban. Kitu deui beungeut kuring. Atuh batal wudu kuring.
Keukeureuceuman
panon téh. Kacolok sigana tadi. Bari
gigisik kuring seseleké na aleutan jalma. Anu ngantay. Anu ngasrék,
ngawalungan. Lir banjir. Bari takbir. Bari dzikir. Bari ngantengkeun rasa katut fikir.
Anjog kana
zam-zam. Satutas merejel tina barisan. Satutas nurunan tangga. Dina bésmén
kuring wudu. Satutas leungeun baju, nyingsat. Satutas sarung nyingsat. Karasana
mani seger. Beungeut baseuh. Leungeun baseuh. Hulu katut buuk baseuh. Sagala
baraseuh. Mani nyecep kana getih. Kana daging. Kana tulang-tulang. Nyaliara saawak-awak.
Kebat kana haté. Kana mamaras nu pang jerona.
Bérés wudu,
ngangkleung deui na barisan. Bari takbir. Bari dzikir. Bari nimbang lalampahan.
Ngitung waktu. Ngitung léngkah. Asa telat thowaf téh. Teu pas kana sawangan.
Teu pas kana itungan waktu, nu geus dikira-kira pi béréseunana. Padahal can
kamreg nu thowaf téh. Sawaréh masih di Madinah. Masih di perjalanan. Pantes
kétang telat ogé. Apan wudu batal waé. Pan bulak-balik ka cai. Geus tilu kali
batal téh. Pangheulana batal, alatan paantel leungeun jeung Tina, Pamajikan
kuring. Basa Tina ngagurubug. Sukuna katincak urang Turki. Ari nu kadua
kalina, alatan kaluar angin. Ti handap.
Ah.
Teungteuingeun ari angin. Abong angin palsu. Mani téga. Mani ngadoja. Padahal
mah, sabar wé atuh. Padahal mah, ké ari geus parat pagawéan atuh. Geus ditahan.
Tapi kacida nyalingitna. Mani pupurilitan. Dina puncakna kakuatan kuring nahan,
cangkéng ka colok. Prétt! Bau sigana mah. Da kamari ngadaharan endog asin. Ngan
untung teu kaangseu. Kasilep ku bauna késang. Késang anu pacampur. Anu pabaur.
Kesang urang Négro. Késang urang Cina. Késang urang Arab. Késang urang Urdu.
Késang urang Malayu. Késang urang Turki. Kitu deui késang-késang nu séjéna.
Pacampur ngawangun bau anyar. Bau anu anéh. Tapi anéh. Teu ieuh jadi matak. Teu matak murel atawa
lieur. Teu matak onkék. Hulu jeung awak téh, haré-haré. Anéh! Duka awak anu
sadrah. Duka késang nu barokah? Duka atuh!
Bari takbir kuring
muir. Muteran Ka’bah. Ngawalungan. Ngaleut ngeungkeuy, ngudag-ngudag harepan.
Ngaharepkeun pangakuan. Pacampur jeung bau késang jalma-jalma. Jalma-jalma anu
béda. Béda-béda warna kulitna. Pakéanana. Budayana. Kitu deui kayakinanana.
Cara shalatna ogé béda-béda. Kitu deui pakéan shalatna. Aya nu dimukena
hideung. Aya nu dighamis hideung. Aya nu maké jas. Aya anu dicalana panjang.
Aya ogé anu teu maké kopéah. Tapi teu kurang anu disarung, anu maké koko, ogé
anu dipéci siga kuring. Tapi sanajan rupa-rupa, teu ieuh jadi matak. Teu ieuh
jadi pasoalan. Kabéh sakarepna-sakarepna. Haré-haré. Siga pacampurna bau késang
nu teu matak mangaruhan kana kahusuan
jeung kasumangetan.
Masing-masing
husu dina kayakinanana. Husu nyambungkeun rasa jeung pikirna ka gusti. Bari
ngasrék. Ngaleut ngeungkeuy ngawalungan. Dipirig ku takbir nu ngaguruh. Biwir
ngageter. Sungut ngageter. Sirah ngageter. Urat-urat ngageter. Haté ngageter.
Getih pating-sariak. Nyaliara saawak-awak.
“Batal!” Tina
satengah ngagorowok, bari nungtun kuring merejel tina aleutan. Tina kukulutus.
Satékah polah kuring ngupahan. Lebar bisi kamalinaan. Bisi tuluy matak nyacadan
kana kaihlasan. Haté kuring ogé rada ngarasula. Padahal ditahan. Tapi teu
katahan. Rada ngagugat. Naha maké batal, pa antel kulit awéwé jeung lalaki téh?
Naha maké batal wudu, ari ka luar angin téh? Tapi batur aya nu teu
ngabatalkeun, lamun kaluar angin atawa pa antel kulit awéwé jeung lalaki téh?
Naha meunang teu mun kuring kitu? Naha meunang teu mun dicampurkeun? Mun maké aturan batur? Pan ieu mah walurat.
Lain di lembur. Henteu salsé. Di dieu mah, jalma pagelek-gelek. Sili séréd.
Awéwé pacampur jeung lalaki. Naha bisa teu dianggap walurat? Duka tah!
“Taya istilah
walurat!” ceuk Wa Undang.
“Bisi kajongjonan.
Tuluy ngénténg-ngénténg kana hukum.”
“Tapi, batur aya
nu kitu!?”
“Ulah, urang
mah! Kudu satia kana hiji madzhab. Ulah dicampur-campur. Ulah talfiq, najan
walurat.”
Panjang lébar Wa
undang ngajéntrékeun. Alesan ulah talfiq, salah sahijina bisi ngalalaworakeun
kana húkum. Bisi milihan nu énténgna wungkul. Nyatutan hukum fikih ti unggal
madzhab. Di luar ti éta, sawaréhna jalma, nerangkeun. Jaga di Alam Mahsyar kabéh
jalma bakal dibariskeun. Baris, nurutkeun imamna masing-masing. Nu ngamadzhab
ka Imam Syafi’I, ngabaris di barisan Imam Syafi’i. nu ngamadzhab ka Imam
Maliki, dibariskeun dina barisan Imam Maliki. Kitu deui nu ngamadzhab ka Imam
Hambali jeung ka Imam Hanafi. Saha jalma anu talfiq, atawa anu nyampur-adukeun
hukum, mangka moal boga barisan. Ku itu ditolak, ku ieu ditolak. Jalma-jalma éta
bakal paturencay. Bakal bingung, siga hayam kaleungitan indung. Kitu ceuk Wa
Undang, Ajengan di lembur kuring.
”Nu matak
hirupmah, kudu istiqomah. Kudu panceg na pamadegan. Kudu panceg dina hiji
madzhab.”
Kuring mah tetep
istiqomah. Tetep satia dina madzhab Syafi’i. Sanajan ceuk béja, cenah Imam Syafi’I ogé, nyusun
hukum fikihna ngarujuk, atawa nukil kana hukum fikih ti sababaraha ulama saméméhna.
Jadi teu nukil tina pikiran hiji ulama.
Alias dicampur.
Bari takbir kuring
muir. Muteran ka’bah. Kuring tetep istiqomah. Teu gedag kaanginan. Teu lééh ka
panasan. Panceug dina pamadegan. Dina madzhab Syafi’i. sanajan henteu ngarti.
Sanajan henteu faham alesanana. Lain pédah katalikung kucarita bakal dibariskeun
di Alam Mahsyar. Lain pédah Ema jeung Abah,
milih ieu madzhab. Lain pédah
raket jeung Wa Undang. Éstu kuring himeng. Teu ngarti. Éstu ieu mah pilihan haté, nu sama-sakali teu
maké alesan. Nu teu didadasaran ku élmu jeung pangaweruh.
Rék ngarti
kumaha? Da kuring mah lain santri. Diajar ngaji ogé ngan ukur ku kolot anu
sarua lain santri. Anu Islamna karana kabeneran kolot-kolotna sarua Islam. Nyaéta
Islam turunan. Duka teuing mun kolot lain Islam. Meureun kuring ogé, can puguh
jadi Islam.
Ceuk Wa Undang.
Jalma mah, hargana aya dina kayakinan. Nu kuat dina pamadegan. Nu stiqomah. Nu
teu kabawa ku sakaba-kaba.
Kalan-kalan
kayakinan mah nunggelis. Nyorangan. Teu katalikung ku pasoalan lain. Kadang
paturay jeung pamikiran. Paturay jeung élmu-pangaweruh. Ngabogaan rohang
séwang-séwang. Najan teu ngarti. Najan teu kaharti. Najan poék. Najan pait.
Najan kudu balangsak. Najan nyawa bakal paragat, kayakinan mah hamo
kaguna-sika. Meureun kitu tah, nu disebut taqlid téh. Kayakinan anu ditalikung ku beungkeutan anu
teu ngawujud. Anu abstrak. Siga mahabbah. Atawa, bisa jadi dibaguded ku teu
bogana kayakinan sama-sakali? Duka, tah! Bisa ogé alatan dipanjara ku kabodoan?
Tapi sanajan
bodo, kuring mah reueus. Reueus sabab geus dilahirkeun di hiji lembur anu
dicicingan ayeuna. Hiji lembur anu tengtrem. Lembur anu tiis ceuli, herang
mata. Sareundeuk-saigel. Sabéas-sapanyanguan. Ka cai jadi sa leuwi, ka darat
jadi sa lebak. Sawirahma dina ngamam’mum ka Wa Undang anu ihlas dina aturan
Imam Syafi’i.
Saking pengkuhna
kana kayakinan. Pengkuh kana pamadegan. Ngarasa reueus kana pilihan,
kalan-kalan nganggap salah kana pilihan jeung kayakinan batur. Béh dituna
nganggap sesat.
Tah ieu nu bener
mah. Aturan nu dijalankeun ku kuring. Nu masjidna teu maké spiker. Nu shalat
shubuhna, maké qunut. Nu shalatna maké sarung. Maké kopéah. Nu hutbah jumaahna
teu disundakeun, alias ku basa arab wungkul.
Ka dituna, kuring teu bisa ngama’mum ka imam anu tara qunut. Anu teu
dikopéah. Anu teu disarung.
Atuh kuring ogé,
nolak kana hukum fikih anu anyar. Kuring ogé nolak kana hukum mabit Mina, anu
nempatkeun kuring di Muaisin. Matak engké. Na waktuna mabit. Peuting-peuting kuring kudu ka luar tina
ténda, tuluy meuntas torowongan Haratullisan. Tuluy cicing di tegalan Mina, sanajan ngan satengah jam.
Kuring ogé teu narima kana rencana rék
dirobahna pang-Sa’ian. Anu jalana rék digedéan. Pepencutna rék diratakeun.
Barang tepi ka
Majidil-Harom, kuring teu kagét. Da geus aya béja. Sanajan imamna tara qunut,
shalat- Shubuhna. Sanajan awéwé pagiling-gisik jeung lalaki. Sanajan rupa-rupa
cara shalatna. Sanajan rupa-rupa pakéan shalatna. Kuring teu bisa kumaha. Teu
bisa nyisikudi. Sabalikna batur ka kuring, api lain. Masing-masing jongjon dina
kabiasaanana. Jongjon dina kayakinanana.
Bari takbir kuring
muir. Muteran ka’bah. Siga wéker jarumna ngageter, muterkeun waktu. Muterkeun
poé. Muterkeun minggu. Muterkeun diri, sahingga anjog ka tegalan Arfah. Wukuf.
Di Arfah jalma,
mayakpak. Ngagolak. Satutas wukuf,
oyagna jalma-jalma lir banjir nu ngagidir. Nagbulak, umpal-umpalan. Tuluy
ngangkleung mapay-mapay jalan ka Mekahkeun. Ngaliwatan Muzdalifah. Minuhan
Tegal Mina. Muir jeung ngamuara. Umpal-umpalan
pulang-anting, tina ténda-ténda ngahapuk Aqobah, Wustho, katut Ula. Tilu Jumroh
nu nyamunikeun musuh kabuyutan anu langgeng.
Aleutan jalma nu
ngawalungan, acan tuntas. Masih ngagolak. Masih mayakpak. Ngamuara di kota
Mekah. Di Masjidil-Harom ngulibek dina Thowaf.
Mekah ngaguruh
ku takbir nu ngagidir. Jalma umpal-umpalan pasedek-sedek. Pajejel. Masjidil-Harom
tilu lanté, pinuh. Teu rék kitu kumaha?
Unggal taun jamaah ti unggal nagara, terus nambah.
Bari takbir
kuring muir. Muteran Ka’bah. Kuring palid dina umpalan jalma. Aya keueung tapi
guligah. Geueuman, tapi hariwang. Asa
kumalayang. Asa ngoléang. Haté sing sariak. Getih sing sariak. Tuluy ngagolak.
Tuluy nyedek kana angen. Kana panon. Kana tikoro. Saterusna ngagukguk teu katahan. Ci panon banjir. Banjir duka nu
kasabaraha kalina. Ti barang indit. Ti lembur kénéh.
Bari takbir
kuring muir. Muteran Ka’bah. Muteran diri. Muteran fikir. Muteran tetekon hirup
muteran tetekon jeung aturan ibadah anu ngacambah. Anu warna-warna. Nu teu
sarua.
Teuing nu
kasabaraha kali kuring batal wudu. Batal alatan jalma nu beuki beurang beuki
ubiag. Beuki campuh. Batal deui. Wudu deui. Merejel deui tina barisan. Asup
deui kana barisan. Kitu jeung kitu,wé. Kieu geuning balukarna, terus-terusan nambahna
jamaah ti unggal nagara, téh. Nu matak make maké quota. Paingan Masjid di gedéan.
Paingan Mina dilegaan. Meureun ieu téh tarékah keur ngalancarkeun ibadah. Keur
ngurangan kacilakaan. Sanajan résikona, aturan kudu robah. Robah kalayan aya
alesan. Keur kasalametan. Teu jarang ku lobana jalma remen cilaka. Di
Pang-sai’an. Di Pang-balangan. Di Pang-thowafan. Geus puguh di Haratullisan.
Pan di lebah dinya pisan nu kasebut kacilakaan pang rongkahna téh. Nu korbana ratusan jiwa. Nya meureun aturan téh kudu diimbangkeun
jeung ka ayaan. Kaasup ka ayaan tempat. Kitu deui jeung pangeusina. Kuring sabil.
Haté oyag-oyagan, siga bohlam nu kalinian.
Kuring takbir
bari muir. Muteran Ka’bah. Haté ayun-ambing. Nagabulakna jalma, ngabalukar kana
gampilna batal. Ngagampilkeun kana paantelna kulit awéwé jeung lalaki. Beuki
beurang, beuki mudal. Beki kerep, kuring ka cai. Beuki kerep, kuring batal.
Tapi beuki hésé kuring ka luar tina barisan alatan jalma pajejel. Karasa capé.
Haté sabil. Haté inggeung. Sirah inggeung. Awak inggeung. Dada inggeung.
“Talfiq atuh, kang!” ceuk Tina.
“Kuring mah, ti
kamari geus talfiq.” Ceuk Kang Budi.
“Walurat!”
“Teu naon-naon!”
“Allooh mah,
Maha Bijaksana. Maha Adil. Maha Uninga!”
Awak beuki inggeung.
Haté beuki inggeung. Awak ngagidir nahan amekan. Dada karasa sesek. Satékah
polah kuring merangan. Kudu satia kana kayakinan. Kudu satia kana pamadegan. Tapi
kumaha, kayaanana geus béda? Geus teu kaduga ku awak kuring nu mémang teu boga
daya. Kuring peureum ti pepereket. Haté beuki inggeung. Cipanon ngaburial.
Kuring peureum. Kabayangkeun runtuhna wangunan nu kukuring mangtaun-taun
dibélaan. Wangunan kayakinan. Nu matak reueus. Nu matak diri ngarasa aya
hargaan. Awak ngageter, nahan ka reueus nu méh-méhan rikes. Ci panon ngaburial.
Kabayang, jalma-jalma ngajebéngan. Ngajauhan. Sawaréhna tunjuk-rorék. Pating
corowok, bari ngusir.
“Manéh mah, teu
istiqomah!”
“Manéh mah,
plin-plan!”
“Hina! Taya
hargaan!”
Kuring pada ningalkeun.
Kuring coplok tina barisan. Kuring ditolak tina barisan. Pada ngantep ku
aleutan Syafi’i. Pada ngabaeudan ku aleutan Imam Maliki. Kitu deui ku aleutan
Imam-Imam nu séjéna.
Kuring peureum. Kuring
sorangan. Kuring nunggelis. Cipanon haben merejel. Ngaburial. Teu kanyahoan ti
mana datangna. Jul-jol jalma-jalma nu alanyar. Pacuhcilan. Ujug-ujug kamreg.
Tapi kabéh ka bingungan. Teu ngabogaan Imam. Saterusna, lalaunan ngawangun barisan.
Barisan anyar. Ngaleut ngabandaleut bari takbir. Bari ngagidig kalayan daria
nakeuran.
Dina wanci nu méh
ampir bareng. Kabéh barisan, tepi ka hiji tempat. Hiji tegalan anu mayakpak.
Hiji jalma nu pinuh ku komara. Jubahna gegeleberan. Ngaléngkah laluanan. Tuluy
leumpang, asup kana hiji jalan. Dituturkeun ku barisan Imam Syafi’i.
Dituturkeun ku barisan Imam Maliki. Dituturkeun ku Imam-imam nu séjéna. Antukna
kabéh, mang ratus-ratus barisan anu pingpin ku mangratus-ratus Imam téh,
lalaunan naluturkeun. Kitu deui barisan kuring, kamreg dina éta jalan. Jalan
anu hiji.
Tasikmalaya,
2011
2 komentar:
Bagus ceritanya, tambah lagi dong artikelnya
maaf baru kebuka lagi nih blogspotnya,mkasih ya atas suportna
Posting Komentar